"Si Jalak Harupat,,, pikeun barudak bobotoh PERSIB mah kecap eta geus teu bireuk deui. kolot budak ngajawabna sarua bae.."Si Jalak Harupat teh ngaran Lapangan Sepak Bola nu jadi kandang Tim PERSIB. perlu dikayahokeun ku sakumna urang Sunda, ngaran Si jalak Harupat teh lain ngan saukur ngaran babasan bari teu boga sajarah, geus sakuduna urang sunda ngarasa reueus kana ieu Julukan anu kacida kawentarna pikeun salasahiji pejoang pituin ti tatar Sunda, nyaeta Ir. Otto Iskandardinata.
Sakumna bangsa Indonĕsia, pangpangna urang Sunda, tangtu moal aya nu
bireuk ka Otto Iskandardinata. Anjeunna tĕh salasaurang pahlawan
nasional anu gedĕ jasana pikeun bangsa jeung nagara Indonĕsia.
Jasa-jasa anjeunna ĕbrĕh pisan dina lalakon jeung sajarah kamerdĕkaan.
Ku urang bias kabandungan, kumaha harusna sora Pa Otto waktu ngedalkeun
kereteg kahayang bangsana dina sidang-sidang volksraad. Kalawan tatag
anjeunna nyoara, aya dua pilihan pikeun bangsa Walanda: buru-buru indit
ti tanah jajahan atawa kudu diusir heula!
Dina siding dĕwan rahayat
taun 1931, Pa Otto geus nandeskeun pamadegan yĕn Indonĕsia tĕh bakal
merdĕka. Ari kangaranan hirup merdĕka mah geus jadi sipat sakur nu
kumelendang di alam dunya. Tong boro manusa, dalah sato gĕ sarua. Bangsa Indonĕsia
tangtu bakal merjoangkeun kamerdĕkaan sakuat tanaga. Sumanget rahayat
moal bisa ditumpes ku panandasa jeung pakarang.
Pa Otto tĕh pituin
urang Dĕsa Bojongsoang, Bandung. Dibabarkeunana tanggal 31 Maret 1897.
ti keur budak kĕnĕh geus katĕmbong bakat jeung kamampuhna anu onjoy tur nyongcolang
batan budak nu lian. Najan enya putra lurah, tapi ari sapopoĕna mah sok
bareng waĕ jeung, anak cacah kuricakan.
Cita-cita Pa Otto haying jadi
guru. Ku sabab keyeng jeung suhud dina diajar, ahirna ĕta cita-cita tĕh
laksana. Anjeunna diangkat jadi guru di wewengkon Banjarnegara, Jawa
Tengah. Ti dinya terus dipindahkeun ka Bandung.
Saenyana ti keur
sakola guru kĕnĕh ogĕ Pa Otto geus kataji ku kagiatan kaom pergerakan.
Pikeun ngamalirkeun pamadeganana, nya terus waĕ asup organisasi Budi
Utomo. Ti saprak matuh di Bandung, anjeunna jadi anggota Paguyuban
Pasundan. Malah dina ĕta organisasi ngaran Otto Iskandardinata mimiti
dipikawanoh ku masarakat Indonĕsia, nyaĕta ti saprak jadi anggota dĕwan
rayat tĕa. Ku pihak pamarĕntah kolonial, Pa Otto tĕh dianggap salasaurang
kekentong pergerakan anu teu bisa dianggap ĕntĕng. Pangna kitu tĕh
sabab anjeunna ludeung nepikeun sora balarĕa anu gedĕ kawanina, Pa Otto
meunang jujuluk “Si Jalak Harupat”. Dina budaya Sunda, sesebutan jalak
harupat tĕh maksudna hayam adu nu salawasna tandang di pakalangan. Tah,
kawani Pa Otto ogĕ dipapandĕkeun kana kawani hayam adu anu tara kungsi
ĕlĕh.
Dina taun 1929, Pa Otto kapilih jadi Ketua Pengurus Besar
Paguyuban Paundan. Dina jaman kapangurusan anjeunna, ĕta organisasi tĕh
maju pisan, babakuna dina widang pulitik, ĕkonomi, persuratkabaran,
jeung atikan.
Dina jaman merdĕka, Pa Otto dijungjung lungguh jadi
Menteri Negara kabinĕt anu munggaran. Dina urusan kanagaraan, saenyana
ti sawatara bulan samĕmĕh merdĕka ogĕ anjeunna geus pipilueun. Pa Otto
kaasup anggota Panitia Persiapan Kemerdĕkaan Indonĕsia anu diantarana
boga pancĕn nyusun UUD 1945 jeung Pancasila. Hanjakal pisan, dina
bulan Oktober 1945 Pa Otto aya nu nyulik. Anjeunna dipergasa tepi ka
tilar dunya ku sawatara jalma nu teu boga rasa tanggung jawab.
Kiwari Pa Otto geus taya dikieuna. Tapi najan kitu ari sumanget jeung
cita-citana mah masih kĕnĕh hurung dina jiwa bangsa Indonĕsia. Ku
kituna, pikeun ngajĕnan jasa Pa Otto Iskandardinata saban tanggal 31
Maret sok dipiĕling wetonna, sarta sok diteruskeun jarah ka Pasir
Pahlawan, nyaĕta makan Pa Otto Iskandardinata, perenahna di jajalaneun
ka Lĕmbang.
Deny Purwanto; Guru Basa Sunda MI ANDALAN di cutat (tina buku Gapura Basa Drs. R. Hidayat Suryalaga, Spk., Geger Sunten:Bandung, 1997, kaca 40 – 42)